-->

#Bobodoran: Jodiak Sunda Taun 2012




1. Pirgo

Pagawean nu cocok: dagang jengkol. 

Keuangan: hambur pisan. 
Asmara: teangan nu rada cageur.



2. Akuwarius 


Pagawean nu cocok: Dagang taraje jeung bilik. 

Keuangan: eureunan unjam injem wae. 
Asmara: Sakeudeung deui jomblo, dikepret calon mitoha.



3. Piskes

Pagawean nu cocok: Ngangkutan galon cai, sakapeung ngojek jeung ngiriman BBM ocon.
Keuangan: Ledeh, loba urusan pacorokokod. 
Asmara: ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun.



4. Ariyes

Pagawean nu cocok: ngamandian domba. 
Keuangan: loba ngahutang, gaji kapotongan wae. 
Asmara: benerkeun heula beungeut.



5. Tawurus

Pagawean nu cocok: Ngored jukut keur parab embe jeung dagang lahang.
Keuangan: katipu baturan deukeut. Kudu diruwat. 
Asmara: Teu payu payu, ganti peletna.


6. Gemini

Pagawean nu cocok: Ngurek belut, ngala tutut.
Keuangan: Bangkar, jujualan baju mitoha. 
Asmara: ucrat-acret teuing...kabogoh diditu-didieu, euweuh nu eucreug.


7. Kanser

Pagawean nu cocok: Macul, ngored. 
Keuangan: sakarat, tereh bangkrut. 
Asmara: Euweuh nu daekeun, modal ipis.


8. Leyo

Pagawean nu cocok: noelan tukang jajamu. 
Keuangan: Ripuh pisan, teu saperak2 acan. 
Asmara: ati2 bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan cibelekok.


9. Libra

Pagawean nu cocok: ngorehan runtah atawa Tukang beling. 
Keuangan: Teu becus euweuh gadag neang duit. 
Asmara: malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beureum+peuteuy.


10. Sekorpio

Pagawean nu cocok: Moe huntu di buruan sakapeung Menerkeun kenteng batur. 
Keuangan: sarua jiga kamari boke, 
Asmara: boga kabogoh panyakitan


11. Sagitariyus

Pagawean nu cocok: Mersihan balong, mun keur halodo nyopet di pasar.
Keuangan: pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur. 
Asmara: ditampilingan wae ku pamajikan,loba tatanya dukun jig!


12. Kaprikoren

Pagawean nu cocok: Dagang kurupuk. 
Keuangan: Pikawatireun, waspada debt kolektor! 
Asmara hambar, kabogoh hoyong kejutan





















1 komentar:

follow @sassun11