-->

Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén


Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén

Ku Dadan Sutisna
Ieu seratan kénging simkuring waktos ngiringan Saémbara Nyérénkeun Pangantén sa-Jawa Barat di Hotél Lingga, taun 2004, minangka wawakil ti Kota Bandung. Saleresna mah seueur pisan naskahna téh, nanging kedah dikoréhan heula.

Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Lalaki

Saleresna mah ieu téh masih kénéh rénghap ranjug. Nembé pisan dongkap, tos dipiwarang biantara. Padahal ari kahoyong mah teras ngagolér, wantuning lalampahan ngajajapkeun calon pangantén téh kacida tebihna, di jalan ogé dugi ka opat dinten opat wengi. Nanging da haté mah kebek ku kabingah, ku kituna, simkuring ngahaturkeun: Assalamu'alaikum Wr. Wbr.
Hadirin anu sami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan,
Alhamdulillah, ku panangtayungan Alloh SWT, dinten ieu urang tiasa riung mungpulung, kanggo langkung maheutkeun babarayaan, manjangkeun tali mimitran, antara kulawarga Bapa H. Among Suryabarata ti Bandung sareng kulawarga Bapa Éméd Latipah ti Kalimatan Timur. Sumuhun, ari sonona mah nataku, da puguh urang téh kasapih ku tebih kahalang ku anggang.
Simkuring asmana pun lanceuk, Bapa Éméd, kapapancénan pikeun sasanggem di payuneun para hadirin. Ari maksadna mah, sakumaha anu diharéwoskeun ku anjeunna sababaraha dinten kalarung, seja masrahkeun putrana, Jang Omad Kadaluwarsa anu gaduh niat ngadahup ka putra Bapa Among, Néng Siti Sapuratina. Sanaos ari awak mah simkuring téh misah ti batur, nya jangkung nya badag nya hideung, nanging dina surun-sérén calon pangantén mah rumaos ngatog kénéh. Ku kituna seja tawakup ti anggalna, bilih aya kecap anu milepas meuntas tina jejer.
Bapa Among ogé tangtos parantos uninga, réhna pun lanceuk, gaduh putra anu sakitu cicingeunana. Duka dusun, duka mémang tos watekna, dugi ka umur 27 téh bangun anu henteu hir-hir begér. Gawéna ulukutek di kamar. Sigana sono kénéh ka buku ti batan ka nu lenjang téh. Atuh puguh pun lanceuk guling-gasahan, inggis ku bisi Jang Omad kumaha onam, malum jaman ayeuna seueur kacarioskeunana. Pun lanceuk mah apan sok togmol pisan: "Naha ari manéh teu hayang boga pamajikan? Kuliah geus tamat, gawé geus boga, umur geus manjing, tapi siga nu euweuh haté ka awéwé," kitu saur pun lanceuk téh. Ari walerna: "Upami tos aya jodona mah, moal ka mana!"
Ari sataun kapengker, Jang Omad alangah-éléngéh, badé waléh tayohna téh. Cenah geus kaimpleng pibojoeunana, malah geus paheut rék teras ngawangun rumah tangga. Bingah tur panasaran pun lanceuk téh, énggal baé ditalék: "Mana atuh? Cik wanohkeun ka Bapa,". Walerna téh: "Da abdi gé teu acan tepang!". Beu! Na ari barudak ayeuna.
Sihoréng simanahoréng, anu dipicangcam ku Jang Omad, nya urang dieu pisan, urang Bandung. Kantenan sesah patepang, wantuning Bandung-Samarinda téh apan kalintang tebihna. Barudak téh wawanohan dina ... duh na aya ku hilap, mana Jang Omad? (rarat-rérét) Dina naon cenah, Sujang? Tah, éta, dina internit, aéh na létah téh, in-ter-nét. Teu apal nu kararitu kolot mah. Da éta wé, ka dituna téh maké jeung cutang-céting sagala, terus silih kirim potrét.
Najan jonghokna di dunya maya, tapi apan jodo mah Anjeun-Na Anu Uninga. Bet terus dicukcruk pancakakina, geuning pun lanceuk téh rék bébésanan jeung baraya, atuh sasatna asa diaku dulur. Sumuhun, baraya kasebatna, da papada urang Sunda. Najan pun lanceuk tos 15 taun ngumbara di Kalimantan, nanging ari ka lembur mah angger baé nineung. Bingah, bingah nu taya papadana.
Langkung bingah deui, basa Jang Omad ngajak nganjang ka lemah Sunda, nepangan bébéné dina internét téa. Opat sasih kapengker, alhamdulillah pun lanceuk tiasa jonghok sareng kulawarga Pa Among, anu saterasna ngararancang pikeun ngadahupkeun Jang Omad ka Néng Siti. Henteu lepat tina pirasat, manahoréng anu diimpleng ku Jang Omad téh sanés istri joré-joré. Geulis rupa geulis haté. Sumuhun éta gé, barudak urang téh hirup dina jaman moderén, nanging geuning henteu lali ka purwadaksi, masih kénéh ngajénan adat titinggal karuhun. Buktosna mah, barudak meredih sangkan dina waktuna panganténan téh maké adat budaya Sunda, sanés ku budaya anu jolna ti nagara deungeun. Sanaos Néng Siti sakitu paséhna nyarios basa Inggris, sanaos Jang Omad sakitu hatamna kana komputer, tapi henteu mopohokeun ajén-inajén Sunda. Tah, éta pisan nu matak bingah téh.
Nguningakeun baé ieu mah, pun lanceuk téh, kalebet simkuring, 15 taun kapengker ngumbara ka Kalimantan, ngiringan transmigrasi. Alhamdulillah pinanggih sareng kamarasan, dugi ka ngadegkeun Pakumpulan Urang Sunda, ti dituna mah hoyong ngiring ngamumulé basa sareng budaya bantun ti lembur. Janten teu kedah hariwang, sanaos 15 taun janten urang Samarinda, ari niup suling sareng metik kacapi mah insya Alloh tiasa kénéh. Tuh, pan, bet jig-jig kana kacapi.
Bapa Among miwah Ibu sakalih, kitu deui wargi sepuh sadaya anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan. Tepungna Jang Omad sareng Néng Siti téh, éstuning kersaning Alloh. Atuh cenah éta barudak gaduh cita-cita hayang ngahiji, ari kolot mah apan saukur nyambung ku dunga, asal ulah ngarérémokeun baé, asal duanana pada-pada suka henteu ngarasa diamprok-amprok. Nanging, kangaranan anu rék diajar rumah tangga, tangtos dina émprona téh talag-tolog sareng dirarampa kénéh. Biasana rék ulin ka mana gé taya nu nyaram, geus jadi salakina mah tangtu kasengker ku nu di imah. Biasana duit téh dibéakkeun ku sorangan, geus nikah mah kudu diatur ku duaan. Biasana saré téh ... aéh, na bet jig-jig kana saré. Tah kitu Pa Among, simkuring asmana pun lanceuk nyérénkeun Jang Omad téh sanés mung raga badagna wungkul, nanging sareng sadaya kakirangan anu nyampak dina dirina.
Ari haté mah simkuring téh parantos yakin, badé pédé baé, Jang Omad tangtos ditampi ku kulawarga Pa Among di Bandung. Nanging, kanggo langkung ngantebkeun pamaksadan, nya seja nalék sakali deui. Bilih baé, Néng Siti teras ngolémbar, malum pun alo mah sakitu buktosna. Ku émutan, ti batan ngolémbar engkéna, nya mending balaka baé ti ayeuna. Papadaning kitu, simkuring mah percanten ka Néng Siti, moal unggut kalinduan moal gedag kaanginan.
Atuh Jang Omad, simkuring wantun ngajamin, dugi ka ayeuna masih kénéh ngait ka Néng Siti. Simkuring minangka sepuhna, tangtos isin binarung wéra upama Jang Omad lanca linci. Leres pisan deuih, Jang Omad téh masih kénéh nyorangan, teu acan kantos rimbitan. Dijamin teu aya watek cunihin, Néng Siti téh éstuning anu munggaran, sareng mudah-mudahan deuih janten anu pamungkas.
Simkuring saparakanca dongkap ka dieu, tebih-tebih ti Kalimantan, éstuning teu jingjing teu bawa téh sanés ukur lalambé. Kaémut panginten, kumaha riweuhna. Tadina badé nungtun munding, mung teu kasawang kumaha marabanana, kacipta kalahka begang di jalan. Ngabantun bungbuahan, kuriak buruk mantén. Tungtungna mah ngaligincing. Ongkoh asa kabebereg ku calon pangantén nu bangun teu sabar. Sajajalan téh ngan SMS-an baé, "antosan geulis, sakedap deui," cenah, padahal nembé jrut ka buruan.
Sakitu panginten ti simkuring mah, bilih waktosna kabujeng teu nyekapan. Hapunten tina samudaya kalepatan.
Wassalamu'alaikum Wr. Wbr.

Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Awéwé

Assalamu'alaikum Wr. Wbr.
Ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos nyésakeun lolongkrang waktos kanggo simkuring, pikeun sasanggem dina ngabagéakeun kulawarga calon pangantén pameget. Rupina teu aya deui kecap nu langkung anteb kanggo ngébréhkeun rasa bagja jero dada, iwal ti tasyakur bini'mah, ngagalindengkeun puji miwah sukur ka Alloh SWT, anu tos ngalungsurkeun pirang-pirang nimat kanggo urang sadaya; nimat iman, nimat Islam, nimat dipaparin jagjag tur waringkas, dugi ka dina dinten anu sakieu cangrana, insya Alloh urang baris nyakséni ngadahupna Jang Omad Kadaluwarsa ka Néng Siti Sapuratina.
Alhamdulillah, pangersa Bapa Naib ti Kantor Urusan Agama parantos sumping. Mangga Pa Naib, calikna di payun, supados simkuring langkung reugreug. Sumuhun, sabada nyukruk galur pancakakina mah, geuning sareng Bapa Naib téh masih baraya. Kupungkur, simkuring kantos sakulah-sakolih sareng anjeunna di internaat, waktos sasarengan janten murid Sakola Normal. Kulan? Sumuhun, sanés internét, in-ter-naat. Upami ayeuna mah teu bénten sareng asrama.
Ku ditepangkeunana sareng Bapa Naib, asa tambih ngandelan kayakinan, réhna perkawis jodo, pati, bagja sinareng cilaka mah anging Alloh Anu Uninga. Bapa Naib nembé ngaharéwos, saurna, sanajan tos puluhan taun didamel di Kantor Urusan Agama, sanajan tos ratusan kali nyatetkeun anu panganténan, nanging berekah dugi ka danget ieu masih kénéh nyorangan. Kulan? Sumuhun, di dieu saurna nyorangan sotéh, da di bumina mah aya nu ngaréncangan.
Urang kantunkeun heula dongéng Bapa Naib. Badé langsung baé ngawaler patalékan ti sesepuh calon pangantén pameget, bilih aranjeunna gantung dangueun, bilih teu sabar nganti walonan. Mangkaning nembé nyorang lalampahan sakitu tebihna, sageuy upami diulur ku waktu téh. Pa Éméd, kitu deui wargi-wargi sanésna ti Kalimantan, Jang Omad téh seja ditampi, sakali deui, seja ditampi binarung ku kabingahan.
Bapa Emed kalih Ibu, kitu deui wargi-wargi sadaya anu ku simkuring dipihormat,
Sanaos tos aya kedal ucap yén Jang Omad seja ditampi, nanging asa kirang payus upami sasanggem téh dicagkeun dugi ka dieu. Angot nguping sasauran ti sesepuh calon pangantén pameget sakitu ngagebayna. Étang-étang kaul wé ieu mah, ngiring bingah ka nu badé panganténan.
Upami disebat katempuhan buntut maung mah panginten kirang merenah, nanging kamari mah ditataharkeun pikeun biantara nampi calon pangantén téh nya pun lanceuk pisan, Kang Among Suryabarata Kusumah. Nanging sabada diémut deui ku anjeunna, sok inggis ébat dina waktosna. Bilih dumadakan geumpeur, malum nembé pisan badé diajar janten mitoha. Kalih perkawis tos aya babadiamian ti anggalna, upami nu nyérénkeun pangantén katingalna jangkung badag, seja dilawanan ku nu langsip baé. Nya simkuring anu katempuhanana, da rumaos pangbegangna.
Hadirin anu dipihormat,
Simkuring asmana kulawarga Bapa Among, kantenan ngarasa bagja binarung reueus, réhna anu dianti-anti ti kamari, ditungguan ti mangkukna, ayeuna teu burung cunduk. Sumuhun, ari melangna mah nataku, bilih aleutan ti Kalimantan kumaha onam di jalan, mangkaning saurna lalampahan ti Samarinda ka Bandung téh dugi ka opat dinten opat wengi.
Néng Siti mah tos kantenan, guling-gasahan ti kamari kénéh. Bet ngimpleng nu lain-lain cenah, kumaha mun Jang Omad katiruk jajantung ku pramugari kapal cai, dugi ka bolay niatna. Énggal baé dibeberah, masing yakin cék simkuring téh, Jang Omad mah teu aya watek cunihin. Ayeuna mah, Nyai, geus teu jaman ngeleyed téh. Jaman bruk-brak, jaman jujur, henteu sumput salindung. Na ari gantawang téh pun lanceuk nyeukseukan, "Aéh-aéh, naha ceuk saha Akang cunihin, ceuk saha Akang ngeleyed?" kituna téh bari muril-muril kumis.
Sumuhun, seja nguningakeun baé, wiréh pun lanceuk mah ceplak pahang, upami sasauran téh tara didingding kelir. Nu mawi, titip baé ka Jang Omad, teu kénging soak upami engké Pa Among muncereng, da tos kitu pasipatanana. Teu kénging inggis ku kumis, da haténa mah sakitu léahna. Nanging, apan ayeuna mah sanés jaman Si Kabayan, tos kedah teu usum mitoha paséa sareng minantu téh. Sanés kitu, Kang Among? Sanés saurna téh.
Hadirin anu dipihormat,
Kantenan, kawitna mah Kang Among ogé teu kinten hélokna, basa uningaeun Néng Siti gaduh beubeureuh dina internét. Saurna téh: "Teu kaharti ari barudak ayeuna. Naon resepna bobogohan jeung nu teu puguh bungkeuleukanana, piraku rék ngagaléntoran aksara? Jeung nu ngajirim wé atuh Nyai, tuh aya Kang Dian, aya Cep Usman, Jang Dédé, ngan ulah wé ari jeung Ceu Éti mah."
"Kang Omad téh nyaaheun pisan ..." sanggem pun alo.
"Nyaaheun kumaha, tepung gé acan. Weléh teu kaharti ku kolot mah, sakalian wé atuh kawin téh jeung komputer."
Ah, da kitu geuning pun lanceuk mah.
Nanging, saparantos panjonghok, geuning teu burung ngarepok. Reugreug simkuring téh, najan jodona urang Kalimantan, tapi apan enas-enasna mah apan masih kénéh urang Sunda. Masih kénéh maké basa Sunda. Masih kénéh ngamumulé budaya Sunda. Simkuring panuju pisan kana kasauran sesepuh calon pangantén pameget. Leres barudak téh digedékeun dina jaman anu tos béda, nu disebat modéren téa, nanging reueus naker upami masih émut ka titipan karuhun mah.
Hadirin anu dipihormat,
Pamaksadan Bapa Éméd téh geuning pertéla pisan. Nguping niat anu sakitu ihlasna, sageuy upami simkuring sareng pun lanceuk ngamomorékeun. Perkawis Jang Omad anu magar seueur kakirangan, ah, da apan jalma mah teu aya nu sampurna. Tong boroning barudak anu nembé badé diajar rumah-tangga, dalah anu tos puluhan taun, sapertos simkuring, ari pacogrégan mah sok aya baé. Sawangsulna Si Nyai, eukeur mah ogoan, katambah babarian, belikan, teu sabaran, Jang Omad gé langkung uninga panginten. Hapunten pisan upami Néng Siti kirang pangaweruh dina ngawulaan carogé. Nyanggakeun ka Jang Omad kanggo ngalelempengna.
Sumpingna kulawarga Jang Omad anu magar teu nyandak munding-munding acan, teu janten émutan pikeun simkuring mah. Sanaos tadi ku simkuring katingal aya nu nyandak soang dua jodo. Ku kasumpinganana gé, simkuring tos pirang-pirang ngahaturkeun nuhun.
Mugia sabada diwalimahan, Jang Omad sareng Néng Siti janten kulawarga anu runtut-raut sauyunan. Sing manjang laki-rabina, dipaparin putra anu soléh, geusan ngahontal kabagjaan dunya rawuh ahérat.
Sakitu nu kapihatur.
Billahi taufik walhidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wbr.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

follow @sassun11