-->

Fiksimini Basa Sunda


Fiksimini teh, kawitna tina kecap mini-fiction, nu ngawitan hirup di Amerika Latin, abad 20 kamari. Borges, Cortázar, sareng Monterroso, di antawis pangarang kawentar nu kasebat ngawitan nyerat fiksi mini kalayan daria, bari waktu tretna mah panginten, teu ieuh mikiran istilah fiksimini.

Kiwari, fiksimini jadi kacapangan, utamina saparantos aya jejaring sosial twitter sareng facebook, nu memang ngawatesanan jumlah hurup atawa karakter tulisan nu diposting dina tweets atanapi status. Malih kapan, parantos aya fiksimini nu medal dina wanda buku, dimuat dina majalah sastra, sareng ngawitan ditalungtik ku kalangan akademisi di sababaraha paguron luhur di mancanagara.

Fiksimini dina Basa Sunda mah can pati hirup, malah can rea nu nulisna ge. Sok sanajan sabenerna, wujud fiksimini teh boa teu jauh jeung dongeng pondok nu tatalepa sacara lisan ti keur jaman kolot urang baheula. Dina ieu grup, mugia wae fiksimini teh tiasa janten media ekspresi urang, dina nembrakkeun kanyaah kana basa indung urang, Basa Sunda.

Tiasa ngiringan ka Jejaring Sosialna Fiksimini Basa Sunda :



Urang segerkeun deui rasa Sunda urang, sanaos bari babalagonjangan, Ku kituna mangga sadérék tiasa ngiring ngarojong fiksimini Basa Sunda nu ditaratas ku Sdrk. Nazarudin Azhar,yen tos kaémut, ieu téh bakal janten bagian penting tina literasi Sunda. Bari teu masualkeun pro-kontra ngeunaan Fiksimini Basa Sunda nu kungsi dipadungdengkeun, nya  sadérék tiasa bari diajar fiksimini basa sunda sareng ngadamel seratan Fiksimini Basa Sunda Seratan nu diposting mugia karya fiksimini nu diserat kalayan daria, iwal dina komentar, eta mah teu langkung, mangga asal aya dina ugeran rasa duduluran. 






Conto Fiksimini Basa Sunda:




Kampung Bangsat

Ku Yusef Muldiyana II
Di Kampung Bangsat, sakabéh wargana, ti mimiti Lurah, RW, RT, Lebé, Paraji, Guru, Mantri, nepi ka warga séjénna, taya lain, nyaéta bangsat. Hiji peuting, di Kampung Bangsat téh aya salah saurang bangsat ningali Hansip keur ngaronda teu jauh ti Tugu Bangsat. “Hansiiiip...! Aya hansiiiiiiip......! “ ceuk éta bangsat, gogorowokan. Rabul bangsat ti ditu, ti dieu, “Mana Hansipna? Tewaaak...! Tewaaaaak......! Cuang gebugan!” Bangsat ting corowok laju nyangkalak jeung ngagarebugan éta Hansip. Ku para bangsat, Hansip diabringkeun ka Pos Bangsat. Di Pos Bangsat, Hansip téh digebugan kénéh bari diinterogasi “Geus sabaraha kali manéh ngaronda?!” ceuk bangsat. “Sakali,” témbal Hansip. “Bohong, siah! Buru ngaku sing jujur, geus sabaraha kali?” Bangsat nanya deui bari nenggeul. “Tilu,” walon Hansip. “Tah, kitu atuh ngaku,” ceuk bangsat bari habek deui neunggeul. “Rék sakali-kali deui, moal?” ceuk bangsat kénéh “Ampun, pak, abdi moal sakali-kali deui ngaronda, abdi janji” ceuk Hansip kapokeun. “Katempo ngaronda deui, awas siah!” ceuk bangsat.



Rampak Lodong

Ku Godi Suwarna
Kacaturkeun, di hiji nagri nu gering nangtung ngalanglayung, tingkelentrung sora lodong teu kabilang nu ngepung kuriling bungking. Gumuruh soraning lodong tinggoronggong tina jajantung gorowong dilaung-laung genggerong: “Sudah bébas negri kita Énonésa merdékaaa…!” Mangpirang lodong karosong tingkalayang warna-warni, katémbongna tingburicak-tingburinong, jeung teu ngakar na dapuran, nanging anteng tingkowowong: “Padamu negri kami mengabdiiii…!” Lodong pada lodong lohong jeung lodong pacowong-cowong, jeung songong pabohong-bohong, teu salempang kong kalikong, teu hariwang najan méhong sahong-hongeun. “Garuda Pancasila akulah penuh kumuuu…!” Handaruan rampak lodong dipirig lodong jeung lodong, sedengkeun dapuran awi tinggal tunggul tinghariul, ngarep-ngarep iwung nu teu renung-renung.
(1996-2012)




I Miss You..!

Ku Godi Suwarna
Mencrong TV. Aya warta kapal murag. Tapi duka di mana. Da pikiran teu daék museur. Hi,hi,hi! Gebeg. Sora kunti tina HP. Tanda aya SMS nu asup. Nomerna teu wawuh. Dibaca. “Halo, aku Jasmine! Masih ingatkah? I Miss You!” cénah. Gusti. Jasmine? Mojang Bérlin nu moal kapopohokeun. Geulisna. Soméahna. Gasik ngetik walonan. “Tentu saja saya ingat. Lagi apa di manakah? I Miss You!” Laju dikirimkeun. Haté ujug-ujug aléwoh. Warna-warni panineungan kumalangkang. Teu lila, HP disada deui. Walonan ti Jasmine. “Aku otw ke rumahmu. I Miss You!” Hah? Nyaan kitu? Aya bagja. Aya geumpeur. Tungtungna ngajémprak di tepas. Jasmine. Kungsi deukeut. Kungsi geugeut. Tilu taun ka tukang. Kari-kari rék nepungan. Duh. Lamunan kapegat ku sora kunti tina HP. SMS ti Jasmine. “Begini; kapalku meledak. Tapi ingin sekali ketemu kamu. Tralala, aku datang! I Miss You!” Jam dingding disada dua las kali. Angin ujug-ujug ngahiuk. Hordéng endag-endagan. Bau bangké. Nu keketrok kana jandéla. Gustiii…


sumberna















Tidak ada komentar:

Posting Komentar

follow @sassun11