-->

Kuda Lumping Ahmad Bakri (Éséy)


Kuda Lumping Ahmad Bakri

Ku Dadan Sutisna
Ku Dadan Sutisna
Nurut-nutur kuda lumping, nepi ka poho balik. Duit titipan keur indungna leungit di tempat lalajo. Ukur bisa ngahinghing ceurik. Rék balik sieun dicarekan. Komo apan cék bapana, budak bangor mah rék dikirim ka Tanggerang, dikerem di jero bui. Bakating baluweng, basa aya jalma ngajak indit, milu waéh. Teu apal ka mana nu rék dijugjug. Tungtungna kadungsang-dungsang di lembur batur.
Kitu ku kira-kira mah, ringkesan buku Kabandang ku Kuda Lumping (KKL) beunang Ahmad Bakri téh. Bisi pondok teuing, nya urang caritakeun wé saeutik mah, kahirupan Si Udin anu kabandang ku kuda lumping téh. Cénah, cék nu kagungan ieu carita, Si Udin téh budak bangor. Lamun ulin kamalinaan, tara inget ka waktu balik. Atuh ku Jurutulis, bapana, mindeng pisan diseukseukan. Malah hiji mangsa mah disingsieun, upama bangor waé, rék dikirim ka Tanggerang.
Dasar budak atuh. Papagah kolot teh ukur sakeudeungna napelna. Basa hiji mangsa ku indungna dititah nyokot duit ka Mang Mita, kalahka élodan. Pareng aya raraméan, kuda lumping téa. Terus baé dilalajoan.
Tah, ari kadungsang-dungsang di lembur baturna mah henteu lila, ukur sababaraha poé. Sigana mah pangarang ogé karunyaeun ka Si Udin, anu ngadon gering di imah deungeun-deungeun. Jol Mang Emod, tatangga Udin. Atuh salamet Udin teh, bisa balik deui ka lemburna.
Basajan pisan KKL téh. Komo apan, anu dicaritakeunana ogé ukur cutatan tina kahirupan barudak pilemburan. Katémbong pangarang imeut pisan lebah nyaritakeun kahirupan barudak lembur mah. Sakumaha dina karya sejenna, Ahmad Bakri bisa pisan ngahirupkeun carita ku dialoh-dialoh anu spontan. Asli bogana urang lembur. Henteu dirautan ku kecap-kecap puitis, sumawonna diémbohan ku nu liris ngagalindeng mah. Éstuning saujratna, saayana, luyu kana réalita. Malah sakapeung mah, blég wangkongan urang lembur anu dirékam, terus dipindahkeun kana tulisan.
Parandéné kitu, lain hartina Ahmad Bakri samakbruk dina merenahkeun kecap-kecap. Keukeuh wé ari palanggeran basa Sunda mah dicekel pageuh. Angot aya kasebutna, Ahmad Bakri teh lancar pisan dina ngagunakeun basa Sunda mah, sahanteuna atuh da guru basa Sunda.
Asana teu salah-salah teuing mun aya nu nyarita kieu téh : "Upama hayang ngumbar panineungan ka pilemburan, baca atuh karangan Ahmad Bakri!"
Terus ayeuna mah diémbohan deui : "Mun hayang nginget-nginget deui mangsa budak (pangpangna palebah bangorna), baca atuh Kabandang ku Kuda Lumping!"
Ahmad Bakri téh pangarang populér. Réréana mah nulis carita pondok jeung novél. Ari KKL mah carita anu dihususkeun keur barudak (ngan cék Kang Hawé, keur kolot ogé hadé). Duka tah, naha aya deui buku bacaan barudak karangan Ahmad Bakri nu séjénna, sajaba ti KKL, da kuring mah henteu kungsi manggihan.
Balik deui kana kuda lumping. Ceuk Kang Hawé deui baé, KKL téh bagian tina panineungan mangsa budak anu hésé dipopohokeunana. Ngan palebah Kang Hawé ngaharib-harib kana tokoh Udin mah, kuring teu apal. Nu écés, KKL mangrupa gambaran kabangoran barudak lembur. Ari nu bangor téa, apan sok aya mamalana. Cara Si Udin. Teu nurut ka kolot, béhna kadungsang-dungsang.
Ngajugjugan KKL ditilik tina élmuning sastra nu leuwih jembar, komo mun diajén maké téori-téori sastra kontemporér, asana kamaliaan teuing. Atuh dina ieu tulisan, kuring teu boga niat ngajén KKL maké élmuning sastra (da tuna kénéh élmuna ogé). Ampun paralun, sieun terus sasab kawas Si Udin. Nya urang padungdengan papada urang baé. Ongkoh apan Ahmad Bakri-na ku anjeun, teu kersaeun upami karya-karyana disebut sastra.
Cék kuring, buku anu ditulis taun 1967 téh, henteu laas pikaresepeunana. Éta wé, sajeroning maca téh, bet asa ngabandungan nu keur ngawangkong. Basa kuring maca éta buku di tengah imah, naha da rarasaan téh aya Aki Uda keur ngadongéng di dapur.
Éta sigana mah kaunggulan Ahmad Bakri téh, bisa mincut nu maca sangkan ulah eureun maca bukuna. Ahmad Bakri henteu mentingkeun teuing leunjeuran carita, ngan kumaha carana sangkan carita anu dijieunna mah bisa hirup jeung komunikatif. Da lamun ditulisna dina basa Indonésia mah, can tangtu aya "sarian" karya-karya Ahmad Bakri teh.
Sajaba ti ngandung "peupeujeuh" ka barudak, sangkan anu maca ulah bangor kawas Si Udin, KKL ogé méré gambaran kahirupan barudak mangsa harita. Boa ayeuna ukur kari waasna ngala piit di sampalan teh. Boa ayeuna mah piitna oge geus areuweuh.
Tokoh Udin anu dicaritakeun dina KKL, apan ukur injeuman pangarang, da dina enas-enasna mah mapagahan barudak sangkan ulah bangor. Ahmad Bakri pinter pisan ngatur komposisi carita, nepi ka nu maca teh henteu ngarasa keur dipapagahan. Umumna, dina buku-buku bacaan barudak béh ditunakeun, kadangkala urang sok kerung. Remen pahili antara buku nu ngandung leunjeureun carita jeung buku panungtun budi pekerti.
Unggal maca, bisa jadi béda-béda pamanggihna sanggeus maca hiji buku teh. Ngan keur sakuringeun, aya nu matak gereget dina KKL. Éta, Si Udin diwarahna ku pangarang mani sakeudeung pisan, ukur méakeun sababaraha kaca. Mun Si Udin téh ulah waka aya nu nulungan. Da éta wé, basa Si Udin keur leumpang di nu poék bari diguyur hujan, hég aya mobil ngarandeg, maké jeung rada hanjelu. Aéh, kétang, da apan anu rék macana ogé barudak, tangtu karunyaeun maca Si Udin "disangsarakeun" ku pangarang teh.
Ngan cék kitu cék kieu ogé, kuring muji katapisan Ahmad Bakri. []

1 komentar:

  1. Hello kanca LAN kulawarga, mangga sisindiran arep kabeh kanggo bajra-bajra banget ing internet. sisindiran bakal saran sampeyan ora kanggo aplikasi kanggo silihan ing amarga internet ora kabeh kadu sing nyata, lagi scam, padha bakal takon sampeyan ngirim dhuwit kanggo Pendaftaran, transfer, asuransi biaya LAN penggawéku, kowé ora bakal njaluk etangan Panjenengan, lagi kabeh maling. i wis Waluya korban 3 tukang kredit silihan beda kene i ngirim jumlah ngrangkul dhuwit amarga sisindiran pancene pengin njaluk silihan iki LAN sisindiran dipercaya minangka pisanan, nanging sisindiran ora bisa njaluk silihan Saka kadu-kadu mau. Mangga sampeyan Kudu bajra-bajra banget supaya sampeyan ora bisa diapusi kaya kula, yen sampeyan pengin nemen kanggo aplikasi ing internet, mung ana siji lender silihan i kang dipercaya Dadi luwih amarga sawise sisindiran nampa sawetara panggonan LAN sisindiran iki diapusi, i supaya akeh Waluya loro amarga sisindiran duwe persil Saka utang mbayar, supaya kanca ing kantor mbantu kula metu nelusuri lender silihan nyata LAN Sah LAN Kita ketemu lender etangan Esther Jones, LAN Kita Applied ing dheweke tenan, supaya Sandi kanca ana siji nyanyi mbantu sisindiran turuti kabeh aturan LAN angger -angger LAN kanggo Gusti Allah Dadi kamulyan tak silihan Saka tenan bab 422 yuta. supaya yen sampeyan perlu silihan sampeyan Kudu hubungi Esther Jones LAN tindakake aturan LAN angger-angger LAN i njamin yen sampeyan bakal njaluk Waluya silihan kurang Saka 24 jam, sampeyan bisa tekan dheweke ing email dheweke ing estherjones.lenders@gmail.com.

    Sampeyan isih bisa hubungi kula Waluya mail ing yulia.suryanto@gmail.com

    BalasHapus

follow @sassun11