-->

#Tradisi: Dogdog


SN
    waditra dogdog [Potret: Nana Munajat]




Dogdog anu ka hiji, rubak garis tengahna 18-20 Cm. Rubak bagéan handapna 10-14 cm, panjangna 20-24 cm. Dogdog anu kadua, rubak garis tengahna 20-24 cm. rubak bagean handap 16-18 cm , panjangna 26-28 Anu. Dogdog katilu rubak garis tengahna 26-30 cm,  rubak bagéan handap  24-26 cm, panjangna 32-36 cm. Dogdog anu kaopat rubak garis tengahna 40-50 cm, rubak bagéan handap  38-42 cm, kalayan panjangna 36-40 cm. Demi di tabeuhna ditakol jeung ditepak.

OMAT, ulah dibaca maké éjaan Inggris, sabab hartina papalimpang pisan. Dogdog anu rék dicaritakeun di dieu mah nyaéta alat tatabeuhan anu wangunna kawas bedug, tapi wandana leuwih leutik, bentukna buleud (rubak buleudan beuteungna antara nu luhur jeung nu handap béda, anu luhur leuwih rubak batan anu handap). Bahan keur kuluwungna tina kai golondongan (anu umum dipaké sasarina tangkal kananga jeung tangkal kalapa) dibolongan tengahna, ukuran panjang jeung rubakna  gumantung kana fungsina. Bagéan hareup atawa beungeut kuluwungna ditutup ku kulit (kulit sapi, munding jeung domba), anu dipageuhan ku wengku jeung rarawat.
Di wewengkon Pandéglang, dogdog téh disebutna dodod. Di Cisolok Sukabumi disebut dogdog lojor, demi di Kanekes atawa Baduy di sebut bedug lojor. Dogdog anu umumna aya di saban wewengkon kalawan fungsina keur hiburan disebut réog atawa ogél.
Salian ti dijadikeun alat keur hiburan, dogdog ogé sok diparaké dina upacara anu raket  pakaitna jeung ritus Déwi Sri, dipaénkeunana teu mandiri, sarta umumna dipaké mirig seni angklung, contona dina seni réak, angklung séréd, angklung gubrag, angklung buncis, angklung buhun cipta gelar jeung salian ti éta.
Dogdog anu digunakeun dina pintonan ogél atawa réog jumlahna aya opat, anu kahiji anu  sok ditabeuh ku dalang disebut tilingtit, anu ka dua panempas, anu ka tilu badublag, anu ka opat nu sok dipaké ku bodor, disebut gonggong atawa pangréwong.
Tah meureun ayana paribasa “dog-dog pangrewong” téh pédah dogdog anu kaopat atawa pangréwong sok ngaréwongan dalang, boh tina tepakan, lalaguan atawa dina guneman. Sedengkeun di wewengkon Jalaksana, Kuningan, dogdog anu kahiji disebut si kunclung, kadua si tanjung, katilu si melong jeung kaopat disebut si bokor.
Seni réog atawa ogél kungsi ngalaman dipigandrung ku balaréa, sarta éksisténsina ngajaul ka tingkat nasional. Anu gedé jasa ngangkat seni réog ka tingkat nasional nyaéta rombongan réog BKAK (Badan Kesenian Angkatan Kepolisian). Anu personilna diwangun ku Mang Didi, Mang Ari, Mang Diman jeung Mang Dudung.
Anu ditonjolkeun dina seni réog nyaéta katapisan, kabinangkitan nabeuh, ngawih, ngabodor jeung ngigel. Anu jadi daya tarikna nyaéta bobodoran boh ku mimik, dialog atawa ngarigig atawa ngigel anu warna garapna komikal. Sok aya kabiasaan mun keur ngabodor atawa ngigel sok ngécagkeun dogdog, malah nepi ka culna pisan. Nurutkeun pakem atawa ugeran manggung mah sanajan keur ngawih, ngabodor atawa ngigel teu diwenangkeun ngecagkan dogdog komo nepi ka culna pisan mah.
Patali jeung éta, aya paribasa “cul dog-dog tinggal igel”, anu pihartieunnana migawé pagawean anu lain pancénna kalawan ngécagkeun pagawéan anu poko.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

follow @sassun11